Di tengah hiruk pikuk zaman kiwari, urang sok kaliwat kana hiji hal anu sajatinya jadi jati diri urang: budaya Sunda. Dina unggal napas kahirupan, aya ajén-inajén nu diturunkeun ku karuhun, anu henteu saukur tradisi, tapi ogé falsafah hirup.
Istilah “malas budi ka lemah cai” ngajarkeun urang supaya éling kana asal-usul, ngahargaan tanah tempat urang dilahirkeun, sarta ngajaga warisan budaya nu geus dipasrahkeun. Dina unggal kasenian, saperti degung, angklung, jaipongan, nepi ka sastra pantun jeung wawacan, aya pesen anu halus: ngajaga silih asih, silih asah, silih asuh.
Budaya Sunda téh lain ngan ukur pakéan adat, tarian, atawa basa anu éndah. Tapi ogé cara urang ngajénan batur, tata krama dina nyarita, jeung rasa hormat ka alam. Dina budaya Sunda, lemah cai téh dianggap ibu nu ngasuh. Ku kituna, urang kudu malikeun deui rasa hormat jeung rasa sukur, ku cara ngajaga lingkungan, ngajauhan tina polusi, jeung ngélingan barudak supaya henteu mopohokeun akar budaya.
Rubrik peuting ayena ngajak urang pikeun reureuh sakeudeung, néangan rasa dina jati diri Sunda. Ku kituna, urang tiasa ngalaman deui éndahna jadi bagian tina bangsa nu boga akar budaya anu kuat.
“Malas budi ka lemah cai, teu pegat ku jaman, teu leungit ku mangsa.”cag urang teudeun di handeuleum sieum tunda Dina hanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun tutungkusan Nini aki. jati diri ki Sunda
Bedi Budiman










